Heureuy Ki Sunda

Positif… Negatif

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 24-08-2009 05:53:22 | 1 Komentar »

Positif dan negatif merupakan istilah umum yang bisa masuk kemana-mana. Digunakan oleh berbagai bidang dalam ilmu pengetahuan, eksakta, kedokteran, ilmu sosial, ataupun filsafat. Dalam terminology sosial ataupun wabilkhusus dalam kehidupan sehari-hari,  istilah positif sering diidentikan dengan sesuatu yang bagus-bagus. Misalnya dalam percakapan seseorang dengan lawan bicaranya ketika menanyakan sesuatu hasil sering mengkonfirmasikan dengan kata positif, […]

Doktor

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 24-08-2009 05:50:55 | Tanpa komentar »

Selalu ada hal-hal lucu dalam hidup kita sehari-hari, tentu saja menyangkut interaksi antar kita. Interaksi yang dihubungkan oleh komunikasi. Komunikasi menjadi tiada tanpa adanya bahasa, baik bahasa verbal ataupun nonverbal. Hal inilah yang mengecoh orang di kampung seorang Doktor Hukum Islam ketika beliau mengadakan syukur nikmat di kampungnya setelah meraih gelar barunya.
Cerita ini didapatkan ketika […]

Nyiar Pendamping Mudik

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 24-09-2008 08:13:09 | 2 Komentar »

Ku DHIPA GALUH PURBA

RËK mudik ogé rada mandeg-mayong, da aya nu ngaganjel dina pikiranana. Lain perkara ongkos atawa babawaan, tapi Jang Tohél téh weléh can boga pamajikan baé. Mangkaning urang lembur mah, anu sok pangheulana ditanyakeun téh lain urusan maké kandaraan naon atawa mawa duit sabaraha. Sasarina anu ditalék téh: “Jeung kulawarga mudik téh?” atawa “Geus boga bati sabaraha hiji?” atawa “Ka urang mana pamajikan téh?”

Imam Tamu

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 08-09-2008 18:40:02 | Tanpa komentar »

KU lantaran tradisi heureuy dina tarawéhan hésé dirobahna, antukna di Cigorowék geus teu taya nu saranggupeun deui jadi imam. Papangna mah peuting kamari ogé, Ustad Suha geus jadi “korban”, aya nu nyeundak ku panakol bedug, basa kabeneran keur sujud. Béjana mah Si Aték anu boga polahna téh. Tapi masih diragukeun kénéh, ku sabab saksina ogé ukur saurang; Si Buruy. Mangkaning teu puguh méré kateranganna ogé; basa diintrogasi ku URL (Unit Réaksi Lambat) ngajawabna téh rada pabeulit.

Eureun Udud di Bulan Puasa

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 31-08-2008 19:56:00 | 2 Komentar »

Si Among mah geus teu kudu dicaturkeun deui. Basa maleman munggah téh, teu sirikna nyerebung kawas karéta api. Malah béjana nepi ka waktuna imsak ogé, Si Among can eureun ngaroko. Ari dahar mah sigana téh poho baé. Dur subuh, can seubeuh kénéh ngarokona. Antukna bako sabungkus téh dihuapkeun jeung pahpir-pahpirna. Puguh baé adug lajerna mah. Nasibna ogé teu pati béda jeung Mang Winta. Tapi ari perkara Kadus Ukar mah, lebeng can aya nu nyahoeun. Béjana mah sarua anu jadi cukang lantaranna téh roko. Teuing kumaha mimitina, Kadus Ukar nepi ka sirahna ngajarendol sagedé endog hayam. Asa kurang nyambung puguh ogé. Tapi da keukeuh, ceuk Bi Kadus ogé, Kadus Ukar téh cilaka alatan roko.

Ubar Pikeun Nu Tara Puasa

Kategori: Heureuy Ki Sunda | 29-08-2008 17:13:56 | 1 Komentar »

Di satengahing jalan, Si Among dicegat ku Briptu Dani, anu kabeneran keur ngarazia anu tara puasa. Si Among kacerek pisan.
“Na ti iraha pulisi sok ngarajia anu tara puasa?” Si Among protés.
“His, ti baheula ogé rutin ngayakeun rajia nu tara puasa mah…”
“Ah, geuning pulisi ogé seueur nu tara puasa. Sok nyarumput di warung bari arudud!”
“Keun baé pulisi mah, da anu nanjeurkeunna ieuh! Nu penting mah silaing atawa saha baé, dipahing henteu puasa, ngarti! Geus ulah loba protés, rék ditilang atawa rék titip sidang?”