Saung Ki Sunda

Kendang jeung Kuda

Kategori: Saung Ki Sunda | 16-10-2009 18:36:43 | Tanpa komentar »

Ku DHIPA GALUH PURBA

Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun.

Rekes CPNS

Kategori: Saung Ki Sunda | 18-12-2008 22:41:48 | Tanpa komentar »

Oleh DHIPA GALUH PURBA

Benar-benar ironis persoalan ijazah di negeri ini. Ada anggota DPR dan kepala daerah yang terbukti menggunakan ijazah palsu setelah sekian lama ongkang kaki menikmati berbagai fasilitas istimewa dari negara. Sementara guru honorer yang mendaftar PNS dengan ijazah asli tiba-tiba dipersoalkan hanya karena tidak ada nomor register dalam fotokopi ijazah yang telah dilegalisasi secara sah (dari kampusnya memang tidak diberi nomor register).

Mari Menyongsong Idul Fitri dengan Memuji Nama-NYA

Kategori: Saung Ki Sunda | 28-09-2008 19:03:13 | Tanpa komentar »

اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ، لاَ إِلهَ إِلاَّ اللهُ، وَاللهُ أَكْبَرُ، اَللهُ أَكْبَرُ وَلله الْحَمْدُ
.

“Allah Mahabesar, Allah Mahabesar, Allah Mahabesar, tidak ada tuhan yang berhak disembah kecuali Allah, dan Allah Mahabesar, Allah Mahabesar, dan hanya bagi Allah-lah segala pujian.”

Budah Kahirupan

Kategori: Saung Ki Sunda | 25-09-2008 16:30:14 | Tanpa komentar »

Ku ASEP SAEFUL MUHTADI

MANGSA ningali pagelek-gelekna manusa di rohangan sosial anu pepek ku muatan agama, pikiran urang mindeng katodél sakadar pikeun tumanya: naha manusa anu sakitu renyekna téh henteu mibanda ma’na? Jumlah anu sakitu lobana, tapi henteu jadi idéntitas anu dominan; sora anu sakitu harusna, tapi henteu mampuh ngadalikeun kawijakan; jeung panjangna barisan anu minuhan kota, tapi henteu sanggup ngahudang nurani?

Mulang ka Jiwa Tauhid

Kategori: Saung Ki Sunda | 24-09-2008 00:43:32 | 1 Komentar »

Ku Asep Syamsul M. Romli

DINA unggal moméntum Idul Fitri, sabada urang (umat Islam) ngalakonan ibadah puasa sabulan campleng sasih Ramadhan, disebutkeun yén urang geus mulang deui kana fitrah, nyatana balik deui kana kaayaan beresih jeung suci tina céda jeung dosa, lir orok nu kakara gumelar, luyu sareng ma’na umum ‘Id al-Fitri-mulang kana fitrah.

“Sing saha nu puasa Ramadhan lantaran iman jeung ihlas, mangka dihampura dosana anu baheula jeung anu ayeuna” (HR. Bukhari-Muslim).

Kasucian urang beuki mantep ku ayana “budaya” silaturahmi, halal bihalal, silih ngahampura sasama manusa dina poénan Idul Fitri minangka sarana pikeun ngumbah dosa jeung sasama manusa.

Ngama’naan Idul Fitri

Kategori: Saung Ki Sunda | 24-09-2008 00:33:15 | Tanpa komentar »

Ku Asep Syamsul M. Romli

UNGGAL mapag Idul Fitri, mindeng pisan urang nguping para khatib atanapi nu caramah di mimbar ngadadarkeun yén ma’na Idul Fihri téh “balik deui kana Fitrah”, nyatana mulang kana fitrah urang mimiti (suci) lantaran dosa-dosa urang geus dipupus.