Ku DHIPA GALUH PURBA
Geus lain rusiah deui tur jadi fenomena umum yén ngarayakeun lebaran di pakampungan téh réa diantarana nu kalah ngadu géngsi. Pangpangna pikeun anu sapopoéna ngumbara di kota-kota gedé. Pakéan sing sarwa anyar, dahareun sagala aya, kandaraan méwah, ngecét imah, jeung sajabana, salawasna jadi bagéan tina ngarayakeun lebaran pikeun sawatara jalma. Malah keur ngahontal éta kaméwahan téh aya kalana maksakeun.